Nurutkeun hidep, Naha budak sunda kiwari masih keneh osok kakawihan atawa Tara?
B. Daerah
SakillaHanifanissa
Pertanyaan
Nurutkeun hidep, Naha budak sunda kiwari masih keneh osok kakawihan atawa Tara?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kaulinan Barudak
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Kakawihan nyaeta salahsahiji rupa lalaguan Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda, nyaeta kakawihan, kawih jeung tembang. Kakawihan, kawih jeung tembang umpama ditilik tina rumpakana mah mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Kakawihan jeung kawih mangrupa wangun puisi anu henteu kauger ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupa wangun puisi anu kauger ku aturan, nyaeta aturan pupuh.
Anu ngabedakeun kakawihan jeung kawih nyaeta yen kakawihan mah biasa dihaleuangkeunnana dina waktu keur ulin atawa keur digawe, sedengkeun kawih mah biasa dihaleungkeunnana iraha jeung di mana bae. Kusabab kakawihan biasa dihaleuangkeun dina waktu keur ulin, sawatara barudak Sunda, utamana di kampung-kampung, masih aya keneh anu sok kakawihan, sanajan beuki ka dieunakeun beuki langka barudak Sunda anu sok kakawihan, sabab kiwari mah kaulinan barudak Sunda beuki kaelehkeun ku kaulinan digital.