Baca sempalan paguneman ieu di handap. Ahmad : Wan, urang lalajo PERSIB di imah urang, yu ....! Irwan : Hayu, ajak atuh nu sejen, urang lalajo bareng. Ahmad : K
B. Daerah
ohnana
Pertanyaan
Baca sempalan paguneman ieu di handap.
Ahmad : "Wan, urang lalajo PERSIB di imah urang, yu ....!
Irwan : "Hayu, ajak atuh nu sejen, urang lalajo bareng."
Ahmad : "Kumaha mun ngajak Si Engkus jeung Si Nanang ?"
Irwan : "Enya atuh, di-sms we."
sempalan paguneman di luhur teh ngagunakeun basa.....
a. kasar b. hormat c. kasar d. loma
Ahmad : "Wan, urang lalajo PERSIB di imah urang, yu ....!
Irwan : "Hayu, ajak atuh nu sejen, urang lalajo bareng."
Ahmad : "Kumaha mun ngajak Si Engkus jeung Si Nanang ?"
Irwan : "Enya atuh, di-sms we."
sempalan paguneman di luhur teh ngagunakeun basa.....
a. kasar b. hormat c. kasar d. loma
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Paguneman
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Sempalan paguneman di luhur teh ngagunakeun basa loma. Eta jawaban teh merlukeun penjelasan anu merenah. Kiwari dina basa Sunda sacara resmi aya dua ragam basa nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Padahal dina pilihan jawaban diluhur aya tilu rupa ragam basa nyaeta kasar, hormat jeung loma. Jadi sabenerna mah kiwari teh antara basa loma jeung basa kasar teh geus dijadikeun hiji atawa digabung, nyaeta jadi Ragam Basa Loma.
Saacan sacara resmi ragam basa Sunda ngan saukur miboga dua ragam basa, dina basa Sunda kungsi aya nepi ka dalapan ragam basa. Tina dalapan ragam basa nu aya eta dibagi jadi dua, nyaeta genep mangrupa ragam basa lemes jeung dua mangrupa ragam basa loma jeung kasar.