mana anu leuwih mantep ngaregepkeun lansung atawa ngaliwatan radio / tv
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Ngaregepkeun langsung leuwih mantep tibatan ngaliwantan radio / TV, sabab dina ngaregepkeun langsung mah salian bisa ngadeukeutan sacara fisik, oge aya kamungkinan bisa ngalakukeun komunikasi dua arah atawa dialogis, bisa tatanya langsung umpama aya anu hayang ditanyakeun. Sedengkeun dina ngaregepkeun ngaliwatan radio / TV mah komunikasi nu aya nyaeta ngan komunikasi saarah atawa monologis.
Pembahasan
Ngaregepkeun ngaliwatan radio / TV mah saperti ngaregepkeun biantara atawa pidato. Sedengkeun ngaregepkeun langsung mah aya kamungkinan bisa saperti paguneman nyaeta nyarita dua arah atawa dialog. Geus dipikawanoh yen komunikasi nu aya dina biantara mah komunikasi saarah atawa monologis. Sedengkeun komunikasi nu aya dina paguneman nyaeta komunikasi dua arah atawa dialogis.
Pelajari lebih lanjut
- Cara nepikeun biantara dina basa Sunda brainly.co.id/tugas/6508865
- Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina biantara brainly.co.id/tugas/4565331
- Manfaat paguneman https://brainly.co.id/tugas/7146957
__________
Detil Jawaban
Kelas : IV
Mapel : Bahasa Sunda - Komunikasi Dina Pakumbuhan
Bab : 8
Kode : 4.13.1
Kata Kunci : Ngaregepkeun langsung