B. Daerah

Pertanyaan

jelaskeun bedana pupuh jeung kawih

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda

    Kelas : - (SD)

    Pembahasan :

    Upama ditilik tina rumpakana, pupuh nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu, sedengkeun kawih nyaeta wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Pupuh biasa ditepikeun ku dihaleuangkeun ngagunakeun sawatara rupa tembang. Kukituna pupuh sering disebut oge tembang.

    Jadi, upama ditilik tina rumpakana pupuh jeung kawih teh mangrupa karya sastra dina wangun puisi. Sedengkeun upama ditilik tina seni musik, pupuh atawa tembang jeung kawih teh mangrupa lalaguan Sunda. Lalaguan Sunda anu lianna nyaeta kakawihan. Ditilik tina rumpakana, kawih jeung kakawihan mangrupa wangun puisi nu teu kaiket ku aturan.

    Kata Kunci : Pupuh, kawih, tembang, kakawihan

Pertanyaan Lainnya